text = new Array("Ambekna sakulit bawang = Gampang pisan ambek","Anak merak kukuncungan = Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadèan, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.","Ari diarah supana, kudu dipiara catangna = Naon baé anu mere hasil ka urang kudu diurus bener-bener.","Asa nanggeuy endog beubeureumna = Kacida nyaahna","Aya jurig numpak kuda = Aya milik nu teu disangka-sangka","Ayakan tara meunang kancra Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana","Nyatana hate mah teu wasa nahan wakca sanajan ungkara dibaheum, sanajan tunggara disidem","Nyatana cinta mah sumerah manah ngawarah caah amarah, nyimbeuh seuneu kageuleuh","Hate mah lir kila-kila simpena langit Meusmeus muyung tungtung layung meusmeus melang ku hariwang","Sanajan kawilang melang ku anggang Sanajan astra waruga teu karampa Nyuuh kalbu mah rengkuh sasadu bilih bendu","Cara supaya urang lulus ujian, nyaeta nyanghareupan eta ujian","Omat ulah sok nuang sabun, bilih ngabudah","Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan = beak karep ku rido jeung beresih hate.","teu aya istilah umur geus kolot ari nyiar èlmu mah","Bobo sapanon carang sapakan = aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.","Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna = Kumaha arek bageurna dinu jadi anak, lamun bapana henteu bageur.","Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.","Hanteu gedag bulu salambar = Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.","Hirup ku panyukup gede ku pamere = Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.","Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.","Kejo asak angeun datang = Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.","Kudu nepi memeh indit = Kudu direncanakan kalawan asak.","Landung kandungan laer aisan = Gede timbanganana, gede pangampurana.","Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.","Nete semplek nincak semplak = Kieu salah kitu salah.","Nuturkeun indung suku = Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.","Nyalindung ka gelung = Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.","Ulah sok mèakeun waktu ngan ukur dipakè nungguan","Nyolok mata buncelik = nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.","Saungkab peundeuy = Omongan anu pondok tur kurang manis.","Seuseut batan neureuy keueus = Hese pisan.","Sapu nyere pegat simpay = Paturay papisahan.","Saherang herangna cai beas = Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.","Rumbak kuntieun = Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.","taya basa teu Sumanget, nu aya ngan ukur alesan","Pait daging pahang tulang = cageur teu keuna ku panyakit naon bae.","hayu urang sasarengan ngamumule budaya sunda"); n=Math.floor(Math.random() * 37); document.write(text[n]);